Assalmualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Salam miwah hormat ka dulur dulur urang lembur..
Wilujeng tepang sareng blog pribados arlan _ ciamis
kumargi pribados asli urang ciamis mung dumuk atanapi ngumbara ka palih kulon di bandung tea..
Sadulur-dulur hayu urang ngumpul ngariung sok sanaos teu acan tiasa patepang raray pa amprok jonghok teu sawios urang lewat blog bae..
Dina raraga manjangkeun duduluran hayu urang silih simbeuh ku kadeudeuh silih asih ku pangasih silih asah ku kanyaah tur silih asuh ku pitulung


Kamis, 22 Agustus 2013

Silaturahim

Assalamualaikum Wr.Wb.


Alhamdulillah, Sholawat miwah salam mugia dilimpahken ka jungjunan alam Sayyidina Muhammad SAW. Amiin
Salam silaturahim kasadaya wargi, rahmat karunia manten-Na mugi saterasna ngalir lir ibarat getih dina diri kuring, manteng mungguhing Pangawasa Robul Alamin,  pikeun urang sadayana salaku khalifah di alam dunya.
Dina bubuka carita urang mimitian ku nawaetu lillahitaala  dina cangkeum kedalna lapad asmana nu Maha Kawasa nu Maha Rohman kasakabeh alam tur Maha Rohim na kasakabeh umat nu dipirido ku mantena.
Amiin'
dina leureusan iye pribados nyandak tambihan alias "PSAJ" dupi maksdna kiranglangkung kiyeu
"Persatuan Silaturahim Akhir Jaman"  tetelana : urang salaku umat akhir jaman kudu ngahiji ngajadi hiji dina tujuan hirup nyaeta mungguh milari karidoan Illahi, Akhir Jaman maksadna harita  Nabi urang kantos ngadawuh " Alladzi La Nabia Ba'dah" dina hartos yen urang kudu yakin yen moal aya deui nabi jeng mangsana atawa waktu dumelarna iwal anjena,, Muhammad RA.
tah sakitu helaanan, bubuka dina iye haplah mubarokah iyeu ..
hapunten anu kasuhun kasadayana  bilih kirang saur bahe carek, nu goreng rumaos tina kakirangan pribados atuh nu leureusna mah eta mungguhing Allah SWT.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar